kumaha balukarna lamun moderator teu boga sikep anu tegas?
B. Daerah
anisudihartini
Pertanyaan
kumaha balukarna lamun moderator teu boga sikep anu tegas?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Paguneman
Kelas : X (1 SMA)
Pembahasan :
Umpama dina basa Sunda, moderator sok disebut panumbu catur. Moderator atawa panumbu catur nyaeta jalma anu miboga tugas pikeun ngatur, ngarahkeun jeung mingpin lumangsungna hiji acara diskusi atawa anu dina basa Sunda sok disebut sawala. Kukituna, lamun moderator teu boga sikep anu tegas tangtu acara diskusi atawa sawala moal bisa lumangsung sacara merenah atawa teu puguh arahna.
Diskusi atawa sawala teh kaasup kana kagiatan anu disebut paguneman. Paguneman nyaeta dialog atawa nyarita dua arah, silih tempas, antara dua urang atawa leuwih, anu kalimahna ngagunakeun kalimah langsung. Diskusi teh kaasupna kana paguneman resmi. Sedengkeun conto paguneman anu teu resmi nyaeta saperti ngawangkong jeung babaturan atawa jeung kolot sorangan.
Kusabab diskusi teh kaasup kana kagiatan paguneman, nyaeta kagiatan nyarita silih tempas, nyaeta saha wae jeung iraha wae bisa nyarita silih tempas, dina diskusi perlu aya saurang moderator anu tegas. Umpama moderator henteu tegas, saha wae anu aya dina eta diskusi bisa silih tempas sakahayangna, atawa sok disebut "debat kusir". Kukituna, saurang moderator kudu bisa tegas dina ngatur, ngarahkeun jeung mingpin lumangsungna acara diskusi.
Aya sawatara hal anu perlu diperhatikeun ku pamilon dina hiji paguneman, khususna ku moderator dina hiji acara diskusi, supaya paguneman atawa diskusi bisa lumangsung sacara merenah. Hal anu perlu diperhatikeun dina paguneman nyaeta saperti bentesna sora atawa lafal dina waktu nyarita, luhur handapna sora atawa lentong, pilihan kekecapan aanu merenah, sarta penjiwaan dina waktu nyarita.