B. Daerah

Pertanyaan

Babasan ipis biwir hatina

1 Jawaban

  • Babasan ipis biwir hartina nyaeta babari ceurik. Dina basa Sunda babasan kaasup kana pakeman basa. Ari pakeman basa teh nyaeta kalimah atawa kekecapan anu miboga susunan geus maneuh sarta harti anu geus maneuh oge. Nu kaasup kana pakeman basa nyaeta saperti babasan, paribasa, cacandran, kila kila jeung pamali.  

    Pembahasan

    Dina Tatakrama Basa Sunda, anu baheula mah sok disebut Undak usuk Basa Sunda, aya dua ragam basa nyaeta anu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Pakeman basa, saperti oge babasan atawa paribasa, biasa ditulis dina ragam basa loma.

    Kusabab pakeman basa teh mangrupa kalimah atawa kekecapan nu miboga susunan nu geus maneuh, kecap atawa kekecapan nu aya dina pakeman basa, saperti babasan atawa paribasa, teu meunang dirobah, diganti, boh susunan boh kecap atawa kekecapananan.  

    Kukituna pakeman basa bisa dilarapkeun boh dina ragam basa loma boh dina ragam basa hormat / lemes, sanajan pakeman basa sok ngagunakeun ragam basa loma. Di handap ieu nyaeta conto kalimah nu ngagunakeun babasan ipis biwir, dina ragam basa loma jeung ragam basa hormat / lemes:

    1. Neng Tati mah budakna teh ipis biwir, teu kaop diheureuyan saeutik sok babari ceurik (ragam basa loma)
    2. Neng Tati mah murangkalihna teh ipis biwir, teu kaop diheureuyan saalit sok babari nangis (ragam basa hormat / lemes)

    Pelajari lebih lanjut

    1. Patalina pakeman basa jeung kahirupan sapopoe https://brainly.co.id/tugas/8175337
    2. Bedana babasan jeung paribasa https://brainly.co.id/tugas/12436631
    3. Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : III

    Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama

    Bab : 8

    Kode : 3.13.8

    Kata Kunci : Babasan ipis biwir hartina

Pertanyaan Lainnya